Senin, 12 Oktober 2015

Orek Tempe Pedas


Cistik dan Arem-Arem Mie



CISTIK &  AREM- AREM MIE

Bahan kanggo ngadameul Cistik :

1.      Sakilo tipung terigu.
2.      20 gagang bawang daun.
3.      Saons mantega.
4.      ½ bungkus bungbu, kaldu sapi.
5.      ½ sendok makan uyah.
6.      Pecin sacekapna.
7.      2 gelas cai herang.
8.      ½ kg lisah kalapa kanggo ngagoreng.

Cara ngameul Cistikna :

1.      Siksikan bawang daun sing tipis, anggo nu hejona ungkul, teras dipisahkeun.
2.      Campurkeun tipung tarigu, mantega, kaldu sapi, uyah sareng pecin, teras galokeun sing rata.
3.      Lebetkeun daun bawang anu parantos disiksik kana campuran bahan nu tadi, aduk – aduk dugika rata.
4.      Kecurkeun cai herang sakedik -  sakedik  nan henteu cepel kana panangan bari digalo – galo, dugika adonan henteu cepel kana panangan.
5.      Adonan cistik dicitak panjangna kirang langkung 8 cm.
6.      Goreng dina lisah anu panas.

Bahan kanggo ngadameul  Arem – Arem Mie :

1.      2 bungkus mie telor.
2.      4 bungkus kaldu ayam.
3.      ¼ kg daging cingcang.
4.      Sagendul bawang bombay.
5.      10 sihung bawang beureum .
6.      Sagelas susu encer.
7.      ¼ kg wortel, disiksik aralit.
8.      3 siki endog hayam.
9.      5 sendok makan kecap amis.
1       Daun cau kanggo mungkus.
.         Lisah kalapa kanggo numis.
1       Uyah, pedes, gula bodas sacekapna.
1  
Cara ngadameulna :

1.      Siksik ipis bawang bombay sareng bawang beureum, tunis dugika seunyit.
2.      Lebetkeun daging, wortel, sareng bungbu – bungbu. Goreng dugika asak.
3.      Keueuman mie ku cai haneut degika beukah, teras tuuskeun.
4.      Lebetkeun susu sareng bungbu kaldu kana mie anu kenging nuuskeun, teras aduk – aduk lalaunan dugi ka saat.
5.      Jait, teras simpen heula dugika tiis.
6.      Lebetkeun endog bari aduk – aduk lalaunan.
7.      Bungkusan adonan mie kirang langkung 2 sendok makan.
8.      Seupan dugika asak.